novel basa sunda

Resensi Novel Ngawadalkeun Nyawa

1. Identitas Novel
   Judul Novel     : Ngawadalkeun Nyawa
   Pangarang : Moh. Ambri
   Penerbit             : C.V Pusaka Sunda
   Citakan              : Katilu
   Nomer               : 1136
   Jumlah Halaman : 88 halaman
   Gambar jilid ku : Kadarisman
2. Ringkesan
    Alam baheula di Japara kakocapkeun aya sudagar sugih mukti, punjul ti sasamana, malah loba para ratu di Tanah Jawa nu kaungkulan dunya baranana. Najan enya luhur kuta gede dunya, Ki Sudagar handap asor, sareseh jeung bear budi, katambah ku murah tangan.
   Pareng Ki Sudagar ti Japara nyaba ka demak, nyimpang ka kiai malah nepi ka ngendong tina panasaran. Ti saentas sasalaman jeung Datawardaya hatena ngageremet wae. Mimitina kiai teh henteu wakca sabalakana, tapi Ki Sudagar hantem ngaguliksek. Ahirna Ki Sudagar ngucap alhamdulillah, paralak nyarita panjang, majar teh bungah asa manggih pependeman, jajaka anu dicileuk teh dinya kapanggih.
Heuleut tilu bulan ti harita Datawardaya geus di Japara, jadi minantu Ki Sudagar. Lila-lila Datawardaya ginanjar anak awewe, alus mulus, matak suka indung-bapa, komo aki na mah. Sakali mangsa  pareng nyaba jauh, nyarita ka pamajikanana rek balajar tutuluyan ka tanah Malayu, sarehna geus heuleut tara lunta ka dinya. Sabulan, dua bulan nu ditinggalkeun di imah calageur, teu aya kitu kieu. Na ari dina bulan katilu Nyi Sudagar katarajang gering.
   Anu dijurung nyusulan nu keur lumaku sababaraha urang. Sanggeus meunang genep bulan di jalan, nu nyusulan nepi ka tanah Malaka. Datawardaya kapanggih keur sasadiaan arek mulang balajar ka Jawa moal barangsimpangan. Nepi ka Japara Datawardaya panonna geus jarero, tulang pipi nyalalohcor.
Nyi Sarimaya ngoceak bari ngarontok ka bapa. Datawardaya ngaragamang nyabak leungeun nu gering. Nu gering jongjon bae peureum, tayohna kacida capena urut ngagoakeun hate sono ka salaki, bungah bisa tepung samemeh dug jeung urut dibawa nyarita. Wanci kongkorongok hayam sakali kerelek Nyi Lembana, lastari mulih ka jati, mulang ka asal. Samemeh maot Nyi Lembana wasiat ka salakina pikeun dihampura sakabeh kasalahanna jeung pikeun ngurus anakna.
   Kacaritakeun barang geus matangpuluh, Datawardaya eureun tina jadi sudagar. Tuluy jadi kiai, muka pasantren. Dina hiji poe Ajengan kakara gek pisan entas ti masigit netepam lohor, di buruan aya nu pacental-cental. Dirman ngabejakeun ka ajengan yen aya jajaka nu ujug-ujug bade kalacat bae unggah ka bumi, teu aya bema karama. Eta jajaka teh dititah ku panghulu agung di Demak. Ngaran eta jajaka teh Walia.
Walia teh urang Demak, anak tukang dagang urang pasar. Ti saingetan geus teu boga bapa, diurus ku indungna bae, dipikameumeut leuwih ti nanaon. Walia nyaritakeun kabeh pangalaman hirupna. Dina hirupna Walia loba ngalakokan dosa. Walia ngomong ka Ajengan yen manehna hayang jadi santri di eta pasantren. Ajengan oge narima eta Walia pikeun jadi santri anyar di eta pasantren.
   Dina hiji poe Ajengan angkat ka taman, isuk keneh pisan palay uninga lebah mana parantina Walia numpi. Gebeg teh anjeuna ningali oray dua tingeuleugeug dina tangkal kacapiring. Bareng jeung ngagebeg Anjengan diinkisap ku Nu Mahasuci, dadaksakala ngadangu jeung ngartos kana omongan sasatoan.
Oray nu hiji nyaeta oray pribumi jeung nu hiji deui oray semah. Oray pribumi tatanya ka oray semah. Ajengan ngadengekeun omongan eta oray. Maksad datangna eta oray semah ka dinya teh nyaeta pikeun macok nu ngarana Walia. Sabab Walia teh geus ngawiwirang alim gede, muridna Nabi Hidir. Poe eta Ajengan ngawurukan teu pati jongjon. Ari ret ka Walia, ras kana omong oray.
   Ajengan nanya ka Sarimaya, ari manehna geus siap kawin can. Harita Sarimaya teu ngajawab. Geus lila jeung sok mineng ditanyakeun tungtungna mah Sarimaya ngomong, yen manehna mah bogoh teh ka Walia. Ajengan ngaaminan. Tuluy ti dinya Ajengan ngomong, yen sabenerna mah Walia teh jalma nu pinuh ku dosa. Dina kadalapan poena ti tas kawin, Walia kudu ajal, patina ku oray, ngan aya kaolna, Walia bakal ninggalkeun anak lalaki, nu jadi alim gede kamashur ka mana-mana.
   Lila Ajengan mindel teu ngahilir. Geus kitu saurna alon, “Nya ari geus dikadarkeun kudu ka dinya jodona, taya kumaha, ngan Bapa menta tempo rek mikir heula. Pek ka ituh badami jeung Darsinah.” Euleuh inditna nyi Sarimaya mani giak. Ari Ajengan pasrah si pasrah, tapi ngungun. Getret nulis ka sobatna di demak, di Kudus, tuluy miwarang nganteurkeun. Suratna paranyang nyarioskeun kasumpeg galih hal putra, ditungtungan mundut pituah, kumaha pisaeeunana. Pleng walonan ti sobat-sobat tea teu aya bae. Walia umurna nincak kana salikur taun. Waktuna nu dipikapaur tereh nepi. Ari putra katembongna beuki gerah, beuki beger, jeung raraosanana asa aya nu ngageuwat-geuwat.
   Hiji poe Ajengan nanya ka Walia, “Kumaha kaayaan manehna ayeuna?”
Walia, “Sumuhun aya saeutik. Sakapeung plong hate teh asa bungangang teu puguh-puguh, da teu aya pikabingaheun. Aya majarna dongkap nalangsa, banget sedih langkung-langkung ti sasari. Dongkap ka cipruk anggel cipanon. Sakapeung bingah henteu, nalangsa sanes, bingung sanes, diri abdi asa kosong. Ngan abdi mah tos iklas ayeuna mah bade kumaha-kumaha oge ku Gusti.”
Tuluy Ajengan nanya ka Walia,”Kumaha laum maneh dikawinkeun, purun?”
Walia teu bangun atoh, teu kaget, walonna “Abdi mah teu gaduh kahayang, kumaha kersa Ajengan bae.”
Ajengan, “Heueuh, jadi purun kitu.”
Walia, “Sumuhun, ngiringan kersa Ajengan.”
Ajengan, “Heeh, sakitu wae, pek ka ituh, bisi boga pagawean mah.”
   Gancang carita. Dina riungan peutingna teu wudu bumi Ajengan pinuh ku tamu. Dina unggal rombongan rame nyarita perkara elmu, sabab harita Islam diurang haneut keneh, kacida dipake kamegahanana. Biasana alam harita panganten lalaki sok ditanggap medar elmu, kudu ngajawab pertanyaan semah. Ari Walia harita dina riungan teh kawas bueuk meunang mabuk, diuk ngeluk teu kecet-kecet.
   Kacaritakeun dina poe kadalapan, geus beurang, ngan tacan meletek srangenge, tara-tara ti sasari Walia tacan hudang. Nyi sarimaya ngaleos teu kanyahoan, bus ka pangkeng, tuluy ucul-ucul papakean, disalin ku papakean Walia, sirah dikukurudung. Geus saged bijil ti imah, niatna rek ka kebon, ka handapeun kembang paranti walia nyingkur.
    Sadatang-datang gek iuk nangkeup tuur, dikarimbun bari peureum, dikir sajeroning hate. Aya meureun sapanyeupahan meureun lilana, celetot kana indung sukuna, asa aya nu nyocog ngagentak. Ari ngejet, karasa aya nu geunyal katincak. “Alhamdulillah, Kakang Walia salamet,” ceuk nyi Sarimaya bari peureum, nahan kanyeri. Golepak, sek. Sarimaya lastari pegat nyawana. Mayitna geuneuk saluarna, ku matih-matihna peurah.
   Kocap malaikat nu mawa nyawa melesat ka langit. Datang ka lawang nyampak pirang-pirang arwah jeung manglaksa-laksa malaikat anu mapag. Tapi ceuk luluguna nu mapag, “Naha bet awewe, apan urang sarerea kudu mapag lalaki. Ari ieu saha?
   Diwalon ku Sarimaya, “Kuring, bojona nu kedah maot tea.”
Malaikat nu jaga lawang, “Ih, lain bojona, salakina nu kudu maot teh.”
Malaikat maot, “Teu aya kasebut saha-sahana nu kudu maot poe ieu, wayah kieu, lebah dinya.anu pareng aya awewe, nya ieu wae.”
   Ceuk para arwah, “Hih, atuh kaliru etah, kudu buru-buru dipulangkeun deui.”
Sarimaya, “Teu sawios, keun bae kuring gantina, da kuring parantos dongkap ka dieu.”
Malaikat nu mapag, “Hih, teu meunang, teu aya pitempateunana.”
Malaikat maot, “Hayu atuh urang balik deui.”
Para arwah, “Mangkahade kudu pulih saasal tadi.”
Sarimaya, “Sumuhun, nanging badan kuring geus ruksak ku peurah, geuneuk saluarna.”
Malaikat maot, “Entong salempang, cageur deui, hayu bae buru-buru, bisi aya nu nganyahokeun manten.”
Sarimaya, “Ah, moal wangsul deui, upami salaki kuring kudu maot ayeuna-ayeuna mah. Bade didagoan wae di dieu.”
Malaikat, “Moal, moal tulus ayeuna. Jaga deui ari geus aya dawuhan Nu Mahasuci.”
“Mangga ari kitu mah,” walon Sarimaya.
    Seot ngan sakilat, Nyi sarimaya nyawana geus sup deui kana ragana. Jung indit, teu rurat-reret ka gigir ngabigbrig lumpat ka imah, bus ka jero nyampeurkeun ka nu keur ngariung Walia.
Datang-datang gorowok bae, “Salamet! Kakang geura tanghi!”
Sarerea ngarenjag, Ajengan ngaranjug bari istigfar.
Ajengan, “Subhanallah, Enok! Enok, nanaonan eta teh?”
Sarimaya make papakean lalaki, munjungan ka rama omongna, “Berkah Bapa, salaki abdi salamet.”
Ajengan, “Lailahaillallah, kumaha ieu teh, ngimpi?”
Sarimaya, “Sanes ngimpi, Bapa, sayaktosna, mangga itu tingali iteuk ngadak-ngadak sirungan.”
Ajengan, “Masya Allah, ajaib. Kudat iradat Pangeran tetep matak helok manusa. Ari Enok nanaonan mana kitu barangpake?”
   Ajengan bingahna amarwata suta, dinuluran bagja, putra jeung mantu wilujeng. Ti semet poe eta, saterusna ngan kari mulusna. Walia jadi jelema utama, sagala adatna nu goreng leungit samasakali, cara emas beunang ngabesot.
3. Kaleuwihan Novel
    Kaleuwihan ieu novel seueur pisan. Basa ieu novel pami dibaca babari kahartos, margi henteu seueur teuing nganggo gaya basa nu hese. Unggal poko-poko caritana kadugikeun dugi ka jelas pisan. Ieu novel didugikeun sacara ringkes jeung padet, sareng henteu ngirangan kana maksad eta poko caritana.
4. Kakurangan Novel
   Ieu novel aya oge kakuranganana. Ieu novel dina eusina teu ditambihan ku gamar-gamar nu matak leuwih ngajelaskeun eusi eta novel. Sareng dina ahir eta novel, tina kecap-kecap jeung kalimah-kalimahna saolah-olah hoyong gera dianggeuskeun.
5. Kasimpulan
   Ieu novel layak pisan pami ku urang dibaca. Margi seueur pisan eusi dina ieu novel ngeunaan kana masalah-masalah sosial sareng kaagamaan. Ieu novel oge netelakeun ka urang sangkan ulah pondok harepan kana hiji perkara, sabab unggal perkara aya hidayahna pikeun urang. Moal samata-mata Allah nibakeun cocoba pikeun urang lamun di luar kamampuh urang.

A. Unsur Intrinsik
a. Tema : Cinta
b. Palaku :
1) Ajengan (Ki Sudagar), anu boga pasantren di Japara
2) Datawardaya, salakina Nyi Lembana
3) Nyi Sudagar (Nyi Lembana), anakna Ki Sudagar
4) Nyi Sarimaya (Enok), anakna Datawardaya jeung Nyi Lembana
5) Walia, murid anyar pasantren, salakina Nyi Sarimaya
6) Dirman, badegana Ki Sudagar
7) Bibi (Darsinah), badegana Ki Sudagar
8) Kiai, guru Walia di Demak
9) Jasiman, tukang dagang nu kopet
10) Panghulu, kokolot di Demak
11) Ambu Karliah, lanceukna Walia
12) Malaikat maot, anu dek nyabut nyawa Walia
13) Para arwah, arwah anu aya di kahiangan
14) Oray pribumi jeung oray semah, anu dek maehan Walia
c. Tempat :
1. Jepara
2. Demak
3. Malayu
4. Langit
d. Amanat : urang ulah pondok harepan. Sagala cocoba aya jalan kaluarna. Ulah eureun-eureun neangan elmu anu mangpaat. Mun urang jadi jalma nu aya, kudu hade ka sasama.
e. Galur Carita : galur caritana ieu novel ka asup kan galur maju. Sabab ieu novel nyaritakeun kumaha mimitina poko masalah, jeung ti mana eta masalah sarta pamecahanana.
B.Unsur Ekstrinsik
1. Atikan: loba pisan atikan anu teu saluyu jeung kahirupan sapopoe urang. Tapi aya oge anu saluyu jeung   kahirupan urang. Tapi lolobana mah alus, sabab etikana aralus, kumaha etika nu jadi murid ka guru, nu jadi anak ka kolot jeung sajabana.
2. Agama : unsur ekstrinsik ngeunaan agama dina eta novel kawilang alus. Sabab lolobana setting ieu novel di daerah pasantrenan. Oge dina pameran-pameranna oge lolobana mah anu agamana harade.
3. Sosial: dina ieu novel unsur sosialna teu goreng. Dina ieu novel aya sababaraha masalah ngeunaan sosialna. Ngan pedahna teh ieu novel teu pati loba nyaritakeun pamasalahan jeung lingkungan luarna. Jadi lolobana mah sabudeureun pasantren atawa si palaku utamana wungkul.
4. Budaya: budaya dina eta novel kawilang lumayan alus. Sabab teu pati loba nerangkeun masalah kaudayaan. Aya oge sababaraha budaya anu masih dilakukeun saperti neangan elmu nepikeun ka negeri sabrang melaan ninggalkeun anak pamajikan, aya oge budaya ngawinkeun anak teh dijodokeun ku kolotna.

Komentar

  1. Kak mau tanya, kalo beli buku ini yg masih available dimana ya?

    BalasHapus

Posting Komentar

Postingan populer dari blog ini

Kujang